Paturay...
Pileuleuyan-pileuleuyan
Ti ayeuna urang téh bakal paanggang
Anggang sotéh ukur dina titinggalan
Tebih sotéh mung dina rérétan
Dina manah urang tetep sasarengan
Dina kalbu teu paanggang
Na émutan urang tetep sasarengan
Pileuleuyan-pileuleuyan... duh akhir paanggang
Katineung tali tineung anteng mayeng
Simpay leungeun teu galideur tetep nganteng
Ci soca tandana manjang kahéman
Dareuda mah duh sora katresna
Mekarwangi, Juni 2012
Nyuhunkeun widi nya bade nganggo, hatur nuhun
BalasHapus